B. Daerah

Pertanyaan

Naon maksudna ungkara"Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring"?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Umpama ditilik-tilik, eta ungkara teh mangrupa sabagian ungkara anu aya dina hiji sisindiran. Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi anu aya dina sastra Sunda. Sisindiran teh umpama dina sastra Indonesia mah sarua wangun rumpakana jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiraa, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Di handap ieu ungkara atawa rumpaka sacara lengkep tina sisindiran anu dimaksud:

    Taya beurang taya peuting
    taya raja taya kuring
    Dimana ajal geus sumping
    teu meunang tempo anaking

    Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina sisindiran aya anu disebut bagian cangkang jeung aya oge anu disebut bagian eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.

    Ditilik tina rumpakana, paparikan jeung rarakitan wangun rumpakana rek siga sarupa, anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan mah aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu dibalikan deui dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat, sedengkeun dina paparikan mah teu aya kecap-kecap anu dibalikan deui saperti nu aya dina rarakitan. Umpama ditilik eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk atawa pepeling, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.

    Umpama nilik ungkara atawa rumpaka sisindiran di luhur, maksud ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" (mangrupa cangkang) nyaeta "Dimana ajal geus sumping, teu meunang tempo anaking" (mangrupa eusi). Sisindiran anu di luhur teh kaasupna kana sisindiran paparikan. Sedengkeun maksud atawa eusi eta sisindiran teh mangrupa piwuruk atawa pepeling.

Pertanyaan Lainnya