B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun jeung jenterkeun golongan dongeng?

1 Jawaban

  • Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Pembahasan

    Di handap ieu dijentrekeun sawatara golongan dongeng:

    1. Fabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana ngagambarkeun budi pekerti ataw watak jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Conto dongeng fabel nayeta saperti dongeng Kancil Maling Bonteng, Monyet jeung Kuya, Si Kancil jeung Buhaya.
    2. Parabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana pikeun nepikeun ajaran agama, moral, atawa kabeneran ku ngagunakeun ibarat atawa babandingan jeung jalma anu dianggap mahiwal atawa beda ti batur. Carita nu aya dina parabel loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan. Conto dongeng parabel nyaeta saperti dongeng Si Kabayan, atawa saduran ti nagara sejen saperti dongeng Abu Nawas, Si Congcorang, jeung Nasarudin.
    3. Mite nyaeta rupa dongeng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat. Carita nu aya dina mite miboga latar jaman baheula, anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian anu ngarang eta carita atawa ku panganutna. Contona saperti dongeng Maung Kajajaden jeung Dongeng Ngipri.
    4. Sasakala atawa sok disebut oge legenda, nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana dipercaya ku penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kajadian, tapi dongeng sasakala mah henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos atawa mite. Conto dongeng sasakala nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit jeung Sasakala Situ Patenggang.
    5. Sage nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana aya hubunganana jeung carita sajarah. Carita nu aya dina dongeng sage, biasana nyaritakeun carita saperti ngeunaan kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Conto dongeng sage nyaeta saperti dongeng Prabu Siliwangi jeung dongeng Dipati Ukur.

    Pelajari lebih lanjut

    • Unsur anonim dina dongeng https://brainly.co.id/tugas/13882470
    • Pengertian dongeng dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/9760216
    • Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng

    Bab : 5

    Kode : 7.13.5

    Kata Kunci : Dongeng, fabel, mite, sage

Pertanyaan Lainnya